Minggu, 30 September 2012


warning : this Conversation is fiction , bin teu nyata!! haha
original cretaed by Sunt Q



Kamis, 13 September 2012

Carita Rakyat Sumbawa "La Golo"


La Golo
Carita ieu asalna ti Dompu. Salah sahiji Kabupaten di Sumbawa. Aya sapasang salaki pamajikan nu kacida beungharna. Geus lila maranehna kawin tapi can miboga wae budak, kusabab hal eta maranehna teh ngarasa tunggara.

Dina hiji poe, si salaki nyarita ka pamajikannana. “Nyi, harta urang geus kacida lobana, tapi teu aya nu jadi ahli warisna mun urang geus maot". Ngadengé caritaan salakina, haté pamajikanna kacida sedihna “kami gé tos lami ngemutan éta, ngan teu wantun ngadugikeun ka Aa.” Ceuk pamajikannana. Ti saprak éta, maranéhna getol ngadu’a kanu Maha kawasa ngarah dipaparinan boga budak. Tungtungna mah du’ana diijabah. Si Pamajikan ngajurukeun budak lalaki anu dibéré ngaran La Golo. Tileuleutik La Golo sok diogo ku kolotna. Akibatna, La Golo jadi budak nu kedul, nyahona téh ngan tuang hungkul. Sagala kahayangna kudu dicumponan. Ampir unggal poé La Golo gelut jeung babaturanna, La Golo ogé sok ngalawan ka kolotna téh. Ku kaayaan kitu matak kolotna sedih pisan.

Dina hiji poé, kolotna téh keur ngomongkeun budakna. Si salaki nyarita “baréto kami mere ngaran ka pun anak La Golo, maksudna ngarah geus gedé make pakarang golok (bedog), manéhna bisa muka tegal anyar ngarah kebon urang beuki lega. Eh, kaayaaanna kalah sabalikna”.

Ngadéngé caritaan éta pamajikanna sedih. Tungtungna mah maranéhna sapuk rék miceun budakna.
Hiji poé, disiapkeun bekel nu rada réa jeung deungeunna nu ngeunah-ngeunah. Ningali Indungna masak, La Golo nanya ka Indungna “rék aya naon nepika Indung masak tuangeun nu kacida ngeunahna?” Indungna nembalan yén Bapakna rék kaleuweung néangan suluh jeung La Golo. Sapertilu tuangeun nu geus dipasak baé dituang ku La Golo saacan indit, sedengkeun sésana dijadikeun bekel. La Golo kacida bungahna ngadéngé jawaban indungna. sakocépat, tuangeun nu disiapkeun ku manéhna dibéakkeun. Tuluy, bari mawa parang, manéhna indit jeung Bapana ka leuweung.

Ahirna, maranéhna nepi di tengah leuweung. Tatangkalan di leuweung éta leubeut jeung baradag. nepi wé dina hji tangkal nu paling badag. Bapana eureun terus nyarita ka La Golo “Anaking, urang eureun didieu. Ieu tangkal nu ku urang téangan. Ieu téh tangkal “Wuwu” nu réa cagakna.  Mun urang nuar hiji tangkal ieu, urang bisa meunang suluh loba. Ngarah teu rusak, pas tangkal ieu rék runtuh, manéh kudu nyekelan tangkal ieu”. 

“Enya pak,  tembal La Golo”.

Basa tangkal éta rék runtuh, La Golo nahan ku awakna nu gedé.  Ngan pédah tangkal téh kacida gedéna, awak La Golo ancur katingang tangkal éta.

Saenggeus sabaraha lila, Bapana nungguan nepika euweuh tanda-tanda La Golo hirup. Haténa bungah pisan. Pas nepi diimah manéhna nyaritakeun sagala kajadianana.  Isukna, disiapkeun du’a rowa (du’a arwah) keur budakna nu maot.  Hiji domba jalu nu gedé dipeuncit pédah para tatanga rék diondang. 

Pas tamu rék diondang ku béja, Indungna La Golo reuwas pisan. Ujug-ujug La Golo geus nangtung di hareupeunana. Tungtungna, kabéh pasakan nu geus disiapkeun dituang ku La Golo sahabekna.

Saenggeus kajadian éta, La Golo teu rubah adatna. Malah bangorna beuki parna. Kusabab kitu, kolotna beuki tunggara. Maranéhna ngarencanakeun mawa La Golo ka leuweung nu jauh pisan.

Kawas biasana, Indungna masak sangu jeung deungeunna loba pisan jeung ngareunah. Bapana rék mawa Ponda (wadah cai) nu geus garing. Ponda ieu bisa ngaluarkeun sora “Hooooo”  kawas jelema nembalan mun ditiup atawa katiup angin.
Saenggeus leumpang tujuh poé tujuh peuting, La Golo jeung Bapana nepi di leuweung nu rék disaba. Didinya aya tangkal Duet nu buahna geus arasak. La Golo geus ngaruy ningali buah Duet nu aramucuy kitu. Geuwat manehna naék kana tangkalna. Ari Bapana indit ninggalkeun. Pas La Golo nyelukan, Bapana nembalan “Hoooooo”. Tenang hate La Golo.

Saenggeus wareg nuang buah Duet, La Golo jut turun neangan Bapana. Néang Bapana ka asal sora nu tadi. Ngan, nu dipangihan téh buah Ponda. Ayeuna, La Golo nyadar kolotna ngahaja miceun manéhna kusabab adatna nu goréng patut. Manéhna nyobaan balik deui ka imahna tapi teu bisa.

Dina hiji poé, ditengah leuweung éta La Golo ningali hiji jalma nu keur leleumpangan siga manéhna. Mimitina mah, manéhna sieun. Terus ngawawanikeun manéh nanya jalma nu tadi. Maranéhna wawanohan. Ngaran jalma nu tadi téh Sandari. Teu lila, ti kajauhan maranéna ngadéngé sola jalma nu keur ngarobrol. Beuli lila, beuki jelas baé. Tungtungna mah patepung terus wawanohan. Maranéhna silih carita  naha nepika bisa cicing di tempat éta. Geningan maranéhna téh budak bangor nu teu dipikahayang ku kolot-kolotna. Ngarana La Ngepe jeung La Bonggo.

Opat urang éta ahirna jadi sobat. Maranéhna sapuk ngangkat La Golo jadi pupuhu. Maranéhna ayeuna kudu gawé bener-bener néangan bungbuahan jeung beuti-beutian keur dituang.

Hiji poé, maranéhna pangih jeung sakadang uncal. La Golo hayang miboga kapinteran lumpat siga uncal. Saenggeus badami jeung sobatna, ahirna mah maranéhna bebeja ka sakadang uncal éta, “Hei uncal, daék teu manéh ngajarkeun elmu lumpat ka kami?”
“mangga waé..” tembal uncal téh. Maranéhna opatan ayeuna boga élmu lumpat sagancang uncal. Terus, maranéhna pangih jeung sakadang monyét nu badag pisan. Monyét éta dipénta sangkan ngajarkeun élmu naék tatangkalanna. Teu lila, maranéhna pangih jeung sakadang munding leuweung nu tanukna kacida kuatna. Maranéhna ngarasa can lengkep mun can miboga elmu ntumbu (ngadu sirah) nu dipiboga ku mundiong leuweung éta. Ahirna, munding téh ngajarkeun elmu tubruk sirahna.

Dina hiji poé, La Golo boga usul keur néangan lauk di laut. Babaturan nu liana nga’enyakeun. Terus maranéhna leumpang rék ka teluk leutik nu tenang caina. Pancén kahiji nyaéta ngabendung teluk éta . pancén ieu keur Sandari, duméh Sandari nyaéta pager pangwates cai. Sakocépat, cai laut téh geus garing jeung katingali lauk-lauk tinggolépar. Saenggeus éta La Ngepe boga pancén néwak lauk-lauk éta. Ngepe dina basa Bima nyaéta néwak lauk. Saréngsé lauk ditéwakan, La Golo nu ngumpulkeun éta lauk.

Sapék maranéhna keur reureuh bari mikirkeun kumaha cara meunangkeun seuneu keur meuleum lauk-lauk éta, katingali haseup seuneu ti kajauhan. La Golo ménta meuleum lauk. Nu kabagéan kahiji nyaéta Sandari. Haseup nu mulek éta gening datang ti hiji-hijina imah didinya. Imah éta kabogaan sajodo buta. Nyaéta Ompu jeung Wa’I Ranggasana (aki jeung nini buta).

Pas nepi didinya, Sandari geuwat menta ijin keur meuleum lauk. Mun diijinan, sawaréh laukna rék dibikeun keur nganuhunkeun. Ti jero imah, kadéngé tembalan nu pikasieuneun, “Lain laukna hungkul nu rék dihakan ku kami, jelema na gé rék dihakan nepika beak. Tunguan…!”. Ngadéngé sora éta, Sandari lumpat ngabarebet nepika ningalkeun kabéh laukna. Sandari ngabéjakeun kajadian éta ka babaturanna.

Ayeuna, nu meunang bagéan indit nyaéta La Ngepe jeung La Bonggo. “Indit maraneh duaan, buru urang geus lapar pisan!!!”. Titah La Golo.

Duanana indit, sewing-séwangan mangul lauk nu lumayan loba. Ngan, maranéhna ngalaman nasib nu sarua siga Sandari. Najan hahehoh keneh, maranéhna ngabéjakeun kajadinanna ka La Golo. Ahirna, La Golo indit ka imah Ompu jeung Wa’I Ranggasasa dituturkeun babaturanna.

La Golo ogé meunang témbalan nu sarua ti dua buta éta. Ngan La Golo teu geumpeur nyanghareupan Ompu Ranggasasa. Make sora nu lantang, manéhna nantang Ompu Ranggasasa.

Pas Ompu Ranggasasa siap rék nyerang, La Golo geus siap ku élmu ntumbuna. Pas buta nyerang, La Golo maju nubrukkeun sirahna. “Beledug!!” sirah kaduana paadu tarik pisan. Si buta ngajerit kanyenyerian. Ompu Ranggasasa paéh harita. Ngarah aman, Wa’I Ranggasasa ogé dipaéhan.

Maranéhna opatan ayeuna nyicingan imah buta éta. Terus ngabeuleum lauk sawaregna didinya. Las bekel tuangeun geus beak, ahirna maranéhna lalampah deui. Nepi wé di hiji désa nu teu pati ramé. Ti penduduk désa éta maranéhna ngadéngé yén di istana keur aya raraméan. Rahayat di istana keur suka bungah ngilu sagala sayembara.

La Golo ge ngilu tanding. Make élmu lumpat nu dibéré uncal, manéhna jadi jawara lumpat. Maké élmu tuak-taék nu diajarkeun ku sakadang monyét, La Golo jadi jawara naék tangkal jambé anu diolesan ku minyak. Loba pisan hadiah nu dibeunangkeunana.

Ayeuna, bagéanna ngilu sayembara ntumbu ngalawan jagoan istana. Didukung ku babaturanna jeung tekad nu buleud, La Golo maju. Manéhna diuk sila pinuh rasa hormat di hareupeun raja, ningalikeun kasegutanana ngilu ntumbu ngalawan jagoan istana.

Sakeudeung deui sayembara rék dimimitian. Raja sorangan nu mingpin jalanna sayembara. Sirah peserta ditalian ku pita warna konéng, raja ngahempekkeun kadua pamaén maju ka hareup nangtung pahareup-hareup dijarakan lima depa. Raja mere panunjuk jalanna sayembara.

Aba-aba geus dikaluarkeun, kadua pamaén geus siap ngalaga. Sora arubana (rebana) nu nabeuhan sayembara geus titadi réang. Sirah maranéhna geus siap nubruk kawas munding leuweung. Pas kadéngé aba-aba jeung bandéra konéng diragragkeun, La Golo lumpat terus luncat ka arah musuhna kawas munding leuweung, jeung “Caaaaak!!!!” sirah maranéhna diadu, kadéngé aduan nu tarik pisan. Jagoan istana ngagoak terus labuh teu éling. La Golo jadi jawara dina sayembara. Para penonton émprak jeung muji kaalusan La Golo.

Carita ieu mere urang pangajaran sangkan, urang tong jadi budak nu ogo. Mun urang hayang pinter, kudu rajin diajar jeung guguru ka saha waé.



 Nami : Irma Susanti
NPM  : 180210110028



http://dongeng.org/cerita-rakyat/la-golo.html#more-670







Selasa, 04 September 2012

Wilujeng wengi!!!

ahhhh, akhirna mah rengse ieu blog teh. kantun dieusian sareng posting hal-hal nu sanesna.hheu
langkung sae pami anu satiap ningal ieu blog ngintunkeun komentarna. margi eta janten sae pisan kanggo perkembangan blog sim kuring.

Hatur Nuhun..