La Golo
Carita
ieu asalna ti Dompu. Salah sahiji Kabupaten di Sumbawa. Aya sapasang salaki
pamajikan nu kacida beungharna. Geus lila maranehna kawin tapi can miboga wae
budak, kusabab hal eta maranehna teh ngarasa tunggara.
Dina
hiji poe, si salaki nyarita ka pamajikannana. “Nyi, harta urang geus kacida
lobana, tapi teu aya nu jadi ahli warisna mun urang geus maot". Ngadengé
caritaan salakina, haté pamajikanna kacida sedihna “kami gé tos lami ngemutan
éta, ngan teu wantun ngadugikeun ka Aa.” Ceuk pamajikannana. Ti saprak éta,
maranéhna getol ngadu’a kanu Maha kawasa ngarah dipaparinan boga budak. Tungtungna
mah du’ana diijabah. Si Pamajikan ngajurukeun budak lalaki anu dibéré ngaran La
Golo. Tileuleutik La Golo sok diogo ku kolotna. Akibatna, La Golo jadi budak nu
kedul, nyahona téh ngan tuang hungkul. Sagala kahayangna kudu dicumponan. Ampir
unggal poé La Golo gelut jeung babaturanna, La Golo ogé sok ngalawan ka kolotna
téh. Ku kaayaan kitu matak kolotna sedih pisan.
Dina
hiji poé, kolotna téh keur ngomongkeun budakna. Si salaki nyarita “baréto kami
mere ngaran ka pun anak La Golo, maksudna ngarah geus gedé make pakarang golok
(bedog), manéhna bisa muka tegal anyar ngarah kebon urang beuki lega. Eh,
kaayaaanna kalah sabalikna”.
Ngadéngé
caritaan éta pamajikanna sedih. Tungtungna mah maranéhna sapuk rék miceun
budakna.
Hiji
poé, disiapkeun bekel nu rada réa jeung deungeunna nu ngeunah-ngeunah. Ningali Indungna
masak, La Golo nanya ka Indungna “rék aya naon nepika Indung masak tuangeun nu
kacida ngeunahna?” Indungna nembalan yén Bapakna rék kaleuweung néangan suluh
jeung La Golo. Sapertilu tuangeun nu geus dipasak baé dituang ku
La Golo saacan indit, sedengkeun sésana dijadikeun bekel. La Golo kacida
bungahna ngadéngé jawaban indungna. sakocépat, tuangeun nu disiapkeun ku
manéhna dibéakkeun. Tuluy, bari mawa parang, manéhna indit jeung Bapana ka
leuweung.
Ahirna, maranéhna nepi di
tengah leuweung. Tatangkalan di leuweung éta leubeut jeung baradag. nepi wé
dina hji tangkal nu paling badag. Bapana eureun terus nyarita ka La Golo
“Anaking, urang eureun didieu. Ieu tangkal nu ku urang téangan. Ieu téh tangkal
“Wuwu” nu réa cagakna. Mun urang nuar
hiji tangkal ieu, urang bisa meunang suluh loba. Ngarah teu rusak, pas tangkal
ieu rék runtuh, manéh kudu nyekelan tangkal ieu”.
“Enya pak, tembal La Golo”.
Basa tangkal éta rék runtuh,
La Golo nahan ku awakna nu gedé. Ngan
pédah tangkal téh kacida gedéna, awak La Golo ancur katingang tangkal éta.
Saenggeus sabaraha lila, Bapana
nungguan nepika euweuh tanda-tanda La Golo hirup. Haténa bungah pisan. Pas nepi
diimah manéhna nyaritakeun sagala kajadianana. Isukna, disiapkeun du’a rowa (du’a arwah) keur
budakna nu maot. Hiji domba jalu nu gedé
dipeuncit pédah para tatanga rék diondang.
Pas tamu rék diondang ku
béja, Indungna La Golo reuwas pisan. Ujug-ujug La Golo geus nangtung di
hareupeunana. Tungtungna, kabéh pasakan nu geus disiapkeun dituang ku La Golo
sahabekna.
Saenggeus kajadian éta, La
Golo teu rubah adatna. Malah bangorna beuki parna. Kusabab kitu, kolotna beuki
tunggara. Maranéhna ngarencanakeun mawa La Golo ka leuweung nu jauh pisan.
Kawas biasana, Indungna
masak sangu jeung deungeunna loba pisan jeung ngareunah. Bapana rék mawa Ponda
(wadah cai) nu geus garing. Ponda ieu bisa ngaluarkeun sora “Hooooo” kawas jelema nembalan mun ditiup atawa katiup
angin.
Saenggeus leumpang tujuh poé
tujuh peuting, La Golo jeung Bapana nepi di leuweung nu rék disaba. Didinya aya
tangkal Duet nu buahna geus arasak. La Golo geus ngaruy ningali buah Duet nu aramucuy
kitu. Geuwat manehna naék kana tangkalna. Ari Bapana indit ninggalkeun. Pas La
Golo nyelukan, Bapana nembalan “Hoooooo”. Tenang hate La Golo.
Saenggeus wareg nuang buah
Duet, La Golo jut turun neangan Bapana. Néang Bapana ka asal sora nu tadi.
Ngan, nu dipangihan téh buah Ponda. Ayeuna, La Golo nyadar kolotna ngahaja
miceun manéhna kusabab adatna nu goréng patut. Manéhna nyobaan balik deui ka
imahna tapi teu bisa.
Dina hiji poé, ditengah
leuweung éta La Golo ningali hiji jalma nu keur leleumpangan siga manéhna.
Mimitina mah, manéhna sieun. Terus ngawawanikeun manéh nanya jalma nu tadi.
Maranéhna wawanohan. Ngaran jalma nu tadi téh Sandari. Teu lila, ti kajauhan
maranéna ngadéngé sola jalma nu keur ngarobrol. Beuli lila, beuki jelas baé.
Tungtungna mah patepung terus wawanohan. Maranéhna silih carita naha nepika bisa cicing di tempat éta.
Geningan maranéhna téh budak bangor nu teu dipikahayang ku kolot-kolotna.
Ngarana La Ngepe jeung La Bonggo.
Opat urang éta ahirna jadi
sobat. Maranéhna sapuk ngangkat La Golo jadi pupuhu. Maranéhna ayeuna kudu gawé
bener-bener néangan bungbuahan jeung beuti-beutian keur dituang.
Hiji poé, maranéhna pangih
jeung sakadang uncal. La Golo hayang miboga kapinteran lumpat siga uncal.
Saenggeus badami jeung sobatna, ahirna mah maranéhna bebeja ka sakadang uncal
éta, “Hei uncal, daék teu manéh ngajarkeun elmu lumpat ka kami?”
“mangga waé..” tembal uncal
téh. Maranéhna opatan ayeuna boga élmu lumpat sagancang uncal. Terus, maranéhna
pangih jeung sakadang monyét nu badag pisan. Monyét éta dipénta sangkan
ngajarkeun élmu naék tatangkalanna. Teu lila, maranéhna pangih jeung sakadang
munding leuweung nu tanukna kacida kuatna. Maranéhna ngarasa can lengkep mun
can miboga elmu ntumbu (ngadu sirah) nu dipiboga ku mundiong leuweung éta. Ahirna,
munding téh ngajarkeun elmu tubruk sirahna.
Dina hiji poé, La Golo boga
usul keur néangan lauk di laut. Babaturan nu liana nga’enyakeun. Terus
maranéhna leumpang rék ka teluk leutik nu tenang caina. Pancén kahiji nyaéta
ngabendung teluk éta . pancén ieu keur Sandari, duméh Sandari nyaéta pager
pangwates cai. Sakocépat, cai laut téh geus garing jeung katingali lauk-lauk
tinggolépar. Saenggeus éta La Ngepe boga pancén néwak lauk-lauk éta. Ngepe dina
basa Bima nyaéta néwak lauk. Saréngsé lauk ditéwakan, La Golo nu ngumpulkeun
éta lauk.
Sapék maranéhna keur reureuh
bari mikirkeun kumaha cara meunangkeun seuneu keur meuleum lauk-lauk éta,
katingali haseup seuneu ti kajauhan. La Golo ménta meuleum lauk. Nu kabagéan
kahiji nyaéta Sandari. Haseup nu mulek éta gening datang ti hiji-hijina imah
didinya. Imah éta kabogaan sajodo buta. Nyaéta Ompu jeung Wa’I Ranggasana (aki
jeung nini buta).
Pas nepi didinya, Sandari
geuwat menta ijin keur meuleum lauk. Mun diijinan, sawaréh laukna rék dibikeun
keur nganuhunkeun. Ti jero imah, kadéngé tembalan nu pikasieuneun, “Lain laukna
hungkul nu rék dihakan ku kami, jelema na gé rék dihakan nepika beak.
Tunguan…!”. Ngadéngé sora éta, Sandari lumpat ngabarebet nepika ningalkeun
kabéh laukna. Sandari ngabéjakeun kajadian éta ka babaturanna.
Ayeuna, nu meunang bagéan
indit nyaéta La Ngepe jeung La Bonggo. “Indit maraneh duaan, buru urang geus
lapar pisan!!!”. Titah La Golo.
Duanana indit,
sewing-séwangan mangul lauk nu lumayan loba. Ngan, maranéhna ngalaman nasib nu
sarua siga Sandari. Najan hahehoh keneh, maranéhna ngabéjakeun kajadinanna ka
La Golo. Ahirna, La Golo indit ka imah Ompu jeung Wa’I Ranggasasa dituturkeun
babaturanna.
La Golo ogé meunang témbalan
nu sarua ti dua buta éta. Ngan La Golo teu geumpeur nyanghareupan Ompu Ranggasasa.
Make sora nu lantang, manéhna nantang Ompu Ranggasasa.
Pas Ompu Ranggasasa siap rék
nyerang, La Golo geus siap ku élmu ntumbuna. Pas buta nyerang, La Golo maju
nubrukkeun sirahna. “Beledug!!” sirah kaduana paadu tarik pisan. Si buta
ngajerit kanyenyerian. Ompu Ranggasasa paéh harita. Ngarah aman, Wa’I
Ranggasasa ogé dipaéhan.
Maranéhna opatan ayeuna
nyicingan imah buta éta. Terus ngabeuleum lauk sawaregna didinya. Las bekel
tuangeun geus beak, ahirna maranéhna lalampah deui. Nepi wé di hiji désa nu teu
pati ramé. Ti penduduk désa éta maranéhna ngadéngé yén di istana keur aya
raraméan. Rahayat di istana keur suka bungah ngilu sagala sayembara.
La Golo ge ngilu tanding.
Make élmu lumpat nu dibéré uncal, manéhna jadi jawara lumpat. Maké élmu tuak-taék
nu diajarkeun ku sakadang monyét, La Golo jadi jawara naék tangkal jambé anu
diolesan ku minyak. Loba pisan hadiah nu dibeunangkeunana.
Ayeuna, bagéanna
ngilu sayembara ntumbu ngalawan jagoan istana. Didukung ku babaturanna jeung
tekad nu buleud, La Golo maju. Manéhna diuk sila pinuh rasa hormat di hareupeun
raja, ningalikeun kasegutanana ngilu ntumbu ngalawan jagoan istana.
Sakeudeung deui sayembara rék
dimimitian. Raja sorangan nu mingpin jalanna sayembara. Sirah peserta ditalian
ku pita warna konéng, raja ngahempekkeun kadua pamaén maju ka hareup nangtung
pahareup-hareup dijarakan lima depa. Raja mere panunjuk jalanna sayembara.
Aba-aba geus dikaluarkeun,
kadua pamaén geus siap ngalaga. Sora arubana (rebana) nu nabeuhan sayembara
geus titadi réang. Sirah maranéhna geus siap nubruk kawas munding leuweung. Pas
kadéngé aba-aba jeung bandéra konéng diragragkeun, La Golo lumpat terus luncat
ka arah musuhna kawas munding leuweung, jeung “Caaaaak!!!!” sirah maranéhna
diadu, kadéngé aduan nu tarik pisan. Jagoan istana ngagoak terus labuh teu
éling. La Golo jadi jawara dina sayembara. Para penonton émprak jeung muji
kaalusan La Golo.
Carita ieu mere
urang pangajaran sangkan, urang tong jadi budak nu ogo. Mun urang
hayang pinter, kudu rajin diajar jeung guguru ka saha waé.
NPM : 180210110028
http://dongeng.org/cerita-rakyat/la-golo.html#more-670
Tidak ada komentar:
Posting Komentar