Senin, 21 Oktober 2013

Pameunteu
(ku Irma susanti)
Angin karasa tiis pisan ngahiliwir niupan kulit, langit katingali geus poék mongkléng, ngan katambaan ku baranangna béntang. Kuring gura-giru leumpang bari tungkul nahan kaambek  jeung kanyeri  nu aya dina dada. Hayang pisan geura nepi ka imah jeung ngajeblagkeun panto sataker habek ngarah kaambek téh kaluar. Karasa pisan diri kuring ayeuna digugulung napsu.
Barang nepi ka imah kuring maksakeun ngocapkeun salam, terus ema ti jero imah mukakeun panto sangkan kuring bisa asup. Kuring ngaleos ngaliwatan ema teu nyium pananganna kawas biasa. Nalika kuring rék indit ka kamar, katingali abah keur nangunyar bari lalajo tipi. Anjeunna ningalikeun kuring nu rusuh indit ka kamar, teu lila kuring nyumponan kahayang napsu ngajeblagkeun panto téa.
“Jeblag!!” tembok jeung kaca nu luhureun panto eundeur ku polah kuring, nu pasti mah ema jeung abah reuwaseun pisan.
“Astaghfirullah’haladzim..na kunaon éta budak téh? ngareuwaskeun waé, kunaon Iis?”
Kadéngé abah ngajorowok nanya bangun ku reuwas jeung rada ambek. Kuring jempling, teu ngawaro si abah. Panto kamar dikonci, tas nu nangkél dina tak-tak dialungkeun kamana baé. Awak digubragkeun kana kasur, Kuring ngarahuh terus nonyokan kasur ku leungeun beulah katuhu bari panon cirambay rék ceurik.
“Aarrrrgh, kunaon maranéh téh? naha jeung kitu?” hik..”
            Tungtungna mah kuring ngan ukur bisa ceurik, ngahinghik ngararasakeun kanyeri haté anu ngabuncah dina dada. Asa beuki nyeri wae mun terus diinget-inget wae mah. Dina kaayaan ceurik kitu, pikiran kuring ngalayang kana kajadian tadi isuk.
***
Halimun isuk saab, pinuh ku réangna sora jelema jeung mesin-mesin boh mobil atawa motor anu pasuliwer di jalan. Saperti biasa kuring indit ka kampus, nuluykeun rarancang nyuprih élmu anu jadi kawajiban. Kuring leumpang asup ka rohangan kuliah, nyampak sababaraha urang bababaturan kuring anu geus diuk dina bangkuna séwang-séwangan. Teu lila babaturan kuring nu liana arasup ogé, rohangan kuliah nu tadina kosong ayeuna mah jadi pinuh sabab para mahasiswana geus daratang. Teu lila, Pa Darlan dosén kuring asup ka rohangan kelas, anjeunna langsung siap-siap ngamimitian kuliahna. Ti mimiti ngaluarkeun léptop, terus ngahurungkeun infokus ngarah bahan kuliahna bisa katingali ku saréréa. Infokus geus hurung, bahan kuliah si bapa gé katingali ngan rada burem. Mahasiswa langsung réang protes pédah gambarna teu katingali. Kabeneran kuring nu diukna di hareup deukeut pisan kana infokus langsung jut nangtung tina korsi, pikeun menerkeun éta gambar infokus. Ku kuring lénsa infokus diputerkeun nepika gambarna jadi cékas pisan. Ampir kabéh mahasiswa sarurak pédah polah kuring nu geus menerkeun infokus. Aratoheun sigana mah bahan kuliah téh jadi katingali cékas pisan.
“Meni siga nu anéh, kitu-kitu wáe gé..” gerentes kuring dina hate. Tapi lila-lila aya hiji mahasiswa nu nyeletuk kieu “Haha, muka béngkel!”. Asalna mah kuring gé teu ngeuh kana omongan éta mahasiswa téh, ngan si Siti babaturan awéwé kuring mere nyaho éta.
“Is, Iis ceuk si Rayi muka béngkél cenah..”
“Hah naon? Muka béngkel?”
“Heu’euh cenah..hahaha”
Kuring ngahuleng, mikiran omongan si Siti bieu. “Gusti..teungteuingeun teuing? cing atuh padahal mah dijaga omongan téh da urang téh boga hate, kieu-kieu gé kuring téh hayang dihargaan embung dipoyok waé!”
Tungtungna kuring ngan bisa jamedud, Pa Darlan terus méré pangajaran mata kuliah dina poé ayeuna. Sabisa-bisa kuring nahan kaambek nu aya, kuring muka kaca buku catetan nu pangtukangna, terus curat-coret didinya sugan susuganan rasa kaambék téh kapalidkeun.
Las deui inget kana kajadian nu liana nyaéta bedana sikep batur ka kuring anu beda pisan mun dibandingkeun jeung ka babaturan kuring anu katelah boga rupa nu geulis. Ari ka nu geulis mah sikepna téh sok alus, bahasana lemes, handap asor, jeung ngahormat. Tapi ari bagéan kuring? Naha sabalikna pisan tina sikep-sikep éta? naha hina pisan kitu mun miboga rupa nu biasa-biasa waé? nepika bisa kituna.
Ayeuna kuring geus rada répéh, cimata téh geus saat da meureun capéeun ari diceurikeun waé mah. Panto kamar kuring diketrok, teu lila kadéngé ema ngageroan ti luar.
“Is, kunaon? Waya atuh cacarita ka ema ari aya masalah mah..”
Kuring jempé, mikir asa can siap ari kudu cacarita ayeuna pisan ka ema. Mending engké waé nalika hate kuring geus tiis, ngarah nyaritana teu hoghag. Saenyana mah kuring asa teu pararuguh pisan naha bet kudu sakieu parnana pundung jeung nyeri hate pédah hal éta. Tapi da kumaha deui da nyeri haté mah karasa waé.
Kuring geus répéh bener, geus bisa hudang tina kasur da karasa cangkeul ari nangkuban waé mah. Kuring leumpang, ngadeukeutan kaca nu napel dina tembok. Kuring ngilik-ngilik rupa kuring ayeuna, katingali panon beureum jeung barintit bawaning ku lila ceurik. Kuring neuleuman panon sorangan, néangan katenang nyobaan ngarépéhan manéh bener-bener. Kuring inget kana omongan kieu “geulis atawa kasép téh relatif, kumaha batur ningalina jeung kumaha diri urang sorangan ngokolakeun nu aya nu dina diri urang”. Loba pisan anu ngomongkeun ka kuring omongan téori geulis atawa kasép téh, lain hiji atawa dua urang.
Pikiran kuring muter, mikiran omongan éta .
“Berarti geulis atawa kasep téh kumaha urang sorangan, nya ari panialaian batur mah keun waé kumaha maranéhna ngan, saacan batur nganilai diri urang kumaha. Urang heula kudu ngira-ngira jeung nyiapkeun bakal kumaha diri urang dihareupeun batur téh”.
Meni karasa tiis pisan hate téh bieu bisa mikir kitu, naha teu tikamari nya? Jeung naha omongan éta téh karék kainget ayeuna. Mun ti mimiti mikir kitu mah pasti kaayaan kuring ayeuna moal kieu. Panon kuring ngarérét kana tembok beulah kénca, katingali aya poto kuring jeung babaturan keur jaman SMA. Meni asa nineung pisan, dina poto téh di gigireun beulah katuhu kuring aya si Ela, terus di beulah kéncana aya si Risma. Meni asa sono pisan, baréto mah layeut pisan jeung babaturan téh. Ditingali rupa babaturan téh, nu itu kieu, nu ieu kieu katingali pisan bédana . Tina béda éta kuring ngarasa aya  sima nu kaluar tina pameunteuna séwang-séwangan.
Tina hal sakolébat éta kuring manggihan yén béda téh mangrupakeun ciri tina idéntitas urang. Jeung deuih béda ogé salah sahiji kaunikan anu bisa katingali ku batur. Soal panilaian batur mah mangrupakeun salah sahiji respect batur tina kaayaan diri urang.

The bursting out jackpot – no matter what anyone says – so what
This is the difference between me and you
The bursting out jackpot – till we finish, we   can’t stop
You always find out that it hurts after it shatters
That’s what you’re only at that spot
            ----NU’EST- FACE

   Kuring imut dina hareupeun kaca, imut ka kalangkang sorangan. Ayeuna kuring indit ti hareupeun kaca, terus leumpang ka deukeut panto kamar. Kuring rék nyampeurkeun ema jeung abah terus nyarios ka duanana “Kuring teu kunanaon” ngarah anjeun duanana teu hariwangeun deui.
Kuring ngarampa gagang panto jeung muterkeun koncina.

Ceklék!**



                                                                                                                        Rancaékék, 13 juni 2013




Tidak ada komentar:

Posting Komentar